Sabtu, 12 Januari 2019

CERITA PENDEK BAHASA SUNDA


CARITA PONDOK (CARPON)

Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.

Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.

Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.

Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi.

Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.



SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.

Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana.

Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.


Carpon lucu "Pamuda beuki ngarinum"


Kiwari, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Manehan nana teh keur arenjoy bari sasarandean di sisi jalan. Matana barereum, kitu oge sarua jeung bengeutna lantaran ges pararah narenggak botol. Manehan nana caritana arek naraek mobil taksi.

Nah tos kitu, teu lila aya oge lewat mobil taksina, nya tos atuh langsung di erenkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol eta teh. Ceuk supir taksina teh na jero hatena: "Anyir.. ieu barudak ngora teh marabok wae pagawean nana, ku aing gawean siah..!"

Tah, ararasup tah budak ngora teh nu tiluan ka jero taksi, sangges di jero taksi si supirna teh langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeng ges kitu dipareman deui. Ceuk supirna teh: " atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!


Nah, percaya weh tah barudak ngora teh lantaran ges pararah.. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu oge budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si eta mah.

Nah pas budak ngora nu ka tilu, manehna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarekan jeung nyabok beunget supir, bari ngomong: "Engke deui mah mun mawa taksi teh ulah ngebut-ngebut teing gera.. Bahaya! Kalem weh atuh..!" Ceuk supir taksina teh: "Dasar jelema garering siah!!!" *PloKk*





Label: , , , ,

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda